← Jawaban dari "naon maksudna ungkara taya beurang taya peuting taya raja taya kuring" Jawaban dari "Naon maksudna ungkara"Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring"?" →
Jika anda mau mencari jawaban dari soal Naon maksud ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring" kamu berada di tempat yang benar. Kami ada 1 jawaban atas Naon maksud ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring". Silakan baca jawaban selanjutnya di bawah ini:
Jawaban: #1: Kategori Soal : Bahasa Sunda - SisindiranKelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Eta ungkara teh umpama ditilik-tilik mah mangrupakeun sabagian ungkara anu aya dina hiji sisindiran. Umpama dina satra Indonesia, sisindiran teh sarua wangun rumpakana jeung pantun. Sisindiran mangrupa salahsahiji rupa puisi anu aya dina sastra Sunda. Aya tilu rupa sisindiraa, nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Di handap ieu myaeta rumpaka sacara lengkep tina sisindiran anu dimaksud :
Taya beurang taya peuting
taya raja taya kuring
Dimana ajal geus sumping
teu meunang tempo anaking
Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan mah ngan saukur aya dua padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sisindiran aya anu disebut bagian cangkang jeung anu disebut bagian eusi. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.
Rarakitan jeung paparikan mah wangun rumpakana rek siga sarupa. Anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan mah aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung padalisan kadua anu dibalikan deui dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat, sedengkeun dina paparikan mah teu aya kecap-kecap anu dibalikan deui saperti nu aya dina rarakitan. Ditilik tina eusi atawa maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa papatah, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Umpama nilik kana ungkara atawa rumpaka sisindiran anu di luhur, ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring" teh mangrupa cangkang sisindiran, sedengkeun ungkara "Dimana ajal geus sumping, teu meunang tempo anaking" mangrupa eusi tina eta sisindiran. Sisindiran anu di luhur teh kaasupna kana sisindiran paparikan. Sedengkeun maksud atawa eusi tina eta sisindiran teh mangrupa papatah, piwuruk atawa pepeling.
